Bray... Bral
Karya: Suherman Komara
![]() |
Sumber Foto: Penulis |
Bray...
Geura nyingray
Lalangsè
Poè
Itu gunung bangun ngungun
Dikeukeupan ku halimun
Diharudung
Bangung bingung
Bray
Geura ngagebray
Mata poè geuwat nguniang
Sangkan buana ngempray caang
Halimun geura tundung
Mèga hideung sina nyingkah
Bukakeun jalan nu ngabulungbung
Ngajajap sakumna umat nyiar kifayah
Bral geura miang
Jug geura tandang
Pangdunga marengan
Berkah salamet jauh tina rèwangan
Bangun bingung✔️
ReplyDelete