BREAKING NEWS

Sunday, November 13, 2022

Narah

Love


Lolongkrang haté
Geus lila pinuh ku karaha
Keclak cai panon
Geus teumampuh mulasarana

Jangji nu udar tina tali gadang haté
Geus lawas leupas
Muraykeun pasini
Mukakeun lawang kongkolak curucudna caimata

Sedih kingkin ngamalir
Ngabarabay maseuhan jagat
Jagabaya rasa teumampuh ngabendung berebeyna cimata
Nu kumapapang migandrung salira nu lawas ilang

Ringkang salira nyacag mamaras
Nyuit-nyuit sesebitan ati
Nambih kapeurih nambah tugenah

Kuring narah
Mun kudu sumerah pasrah
Kuring cadu
Mun kudu jadi jagasatru

 

                                                                                                Dicutat tina buku “Simpay Asih

                                                                                                Karya Suherman Komara

Post a Comment

 
Copyright © 2022 PGRI CABANG CIPEUNDEUY Dioprek Inan Kito.