Layung nu anyar hibar
Séséléké dina sela-sela méga hideung
Nu mimiti reueuk ngudag-ngudag fajar
Ngalimpudan rasa kakeueung
Haté mimiti hariwang
Melang honcéwang
Jungjunan ngolémbar
Jangji nu geus pasini hariwang udar
Jangji pasini saati
Ngambah sagara
mo bet sulaya
Moal nepi ka cangcaya
Burinyay
Sanékala ngaburisat
Ngabéntar lamunan
Ngagebah haté anu mimiti cangcaya
Dicutat tina buku “Simpay Asih
Karya Suherman Komara
Post a Comment