Kalangkang Tukangeun Kembang....
Ku: Neneng R. Agustini, S.Pd

Kalangkang tukangeun kembang
Kelét lucu kinasihan
Santun bungur sarupa
Anggang kahalangan mangsa
Najan deukeut lain kuring
Nu boga duka nu saha
Ucap haté henteu kedal
Kalangkang tukangeun kembang
Nya di dieu haté ngulisik
Naha diri suda ku asih
Miharep nu lain tanding
Hayang paruk jeung nu lian
Sanajan tresna kari sapotong
Hamo pikeun mumpang takdir
Moal sulaya kana papastén
Kalangkang tukangeun kembang...
Cipeundeiy, Desember 2021
Post a Comment